You are currently browsing the daily archive for September 26th, 2007.

kura-kura brazil

Bulan kamari aya awewe nu menta pang meulikeun kura-kura ka urang. Ieu lain awewe sambarangan, awewena geulis pisan euy :D . Nah kabeneran di lapangan banteng keur aya Pestipal Plora jeung Pauna, isukannana urang langsung weh melesat ka ditu, kabeneran deui eta teh poe panutupan pestipal, jadina hargana murah. :D Pedah teu pajeng meureun…. :D

Eta kura-kura teh urang meuli hargana Rp. 25000,- sapasang + wadahna + parabna. Tapi naon deui geura, urang teh eweuh kawani jang mere ka manehna :( . Pan urang teh jalmana isineun :D . Tah jadina urang palihara weh eta kura-kura samantahun :D , bari ngadagoan aya moment anu pas.

Ayeuna kura-kurana aya di urang keneh, eta kura-kura nu hiji siga urang pisan (pemalu) ka jalma, cicing wae nyumput wae. Ari nu hiji deui mah siga eta awewe pisan, teu daek cicing, ceria wae, pecicilan, hanyang di jajanan wae, senyum wae ka urang… :o hahahahhaaaaa………

Kamari awewe eta menta kura-kurana di pang mawakeun, urang pikir ayeuna we mere kura-kurana mumpung manehna geus nanyakeun, tapi teuing kunaon asa beurat ngaleupasna euy… urang geus terlanjur nya’ah ka eta kura-kura. Kumaha ieu teh euy.. aink jadi lieur, sabab mun urang bere ka manehna ge can tangtu di piara sing bener ku manehna, nya’ah mun paeh kura-kurana. Maklum urang pan penyayang binatang. :D

Ah teuing euy urang jadi lieur…. tapi selain nya’ah urang teh masih isin keneh merena :D , isin ka babaturan urang, lain isin ka manehna, isin mun di cengin… atawa di gosipin macem2 :(

kumaha yeuh…… :(